12 April - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
12 April nyaéta poé ka-102 dina sataun (ka-103 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 262 poé.
- 238 – Gordian II kasoran dina Patempuran Carthage ngalawan pasukan Numidia nu satia ka Maximinus Thrax, sarta manéhna gé tuluy dipaténi. Goridan I, bapana, tuluy maéhan manéh.
- 1831 – Para soldadu bararis dina Jambatan Gantung Broughton di Manchester, ngakibatkeun jambatan éta rubuh.
- 1861 – Perang Sipil Amérika: Perang dimimitian ku Patempuran Bénténg Sumter, nalika pasukan Konféderasi nyerang bénténg éta di palabuan Charleston, Carolina Kidul.
- 1864 – Perang Sipil Amérika: Patempuran Bénténg Pillow: Pasukan Konféderasi maéhan soldadu nu nyarerah di Bénténg Pillow, Tennessee, lolobana urang Amérika Afrika.
- 1877 – Karajaan Inggris nyapluk Transvaal (Afrika Kidul).
- 1917 – Perang Dunia I: Pasukan Kanada hasil ngaréngsékeun pangrebutan Lamping Vimy ti Jérman.
- 1945 – Présidén AS Franklin D. Roosevelt maot di kantorna; Harry S. Truman jadi panggantina.
- 1955 – Vaksin polio nu dimekarkeun ku Dr. Jonas Salk dinyatakeun aman jeung éféktif.
- 1961 – Perang Tiis: Palombaan Angkasa Luar: Kosmonot Soviét, Yuri Gagarin kabéjakeun minangka jalma munggaran nu nyayabaan ka luar angkasa.
- 1970 – Kapal selam Soviét K-8, nu mawa opat torpédo nuklir, tilelep di Teluk Biscay sabada opat poé kahuruan.
- 1976 – Novél munggaran Anne Rice, "Interview with a Vampire" dipedalkeun ku Knopf
- 1980 – Samuel Doe ngawasa di Liberia dina hiji kudéta, mungkas leuwih ti 130 taun kakawasaan minoritas Amérika Libia di nagara éta.
- 1980 – Pasawat Transbrasil 303, Boeing 727, murag nalika ngadeukeutan ka Bandara Internasional Hercilio Luz di Florianopolis, Brasil. Lima puluh lima tina 58 panumpangna maraot.
- 1996 - Yahoo! ngalakukeun panawaran munggaran ti 2,6 juta saham nu masing-masing ajénna 13 Dolar AS.
- 1999 – Présidén AS Bill Clinton dianggap ngahina pangadilan alatan mikén “pernyataan nu salah sacara dihaja” dina hiji sawala hukum; manéhna tuluy didenda jeung kabéh kekecapanna dina perkara éta teu diandel deui.
- 2002 – Hiji bom maéhan manéh ngabeledug di Pasar Mahane Yehuda di Yerusalem, nelasan tujuh jalma sarta nyideraan 104 lianna.
- 2002 - Undang-undang Pangadilan Pajak disahkeun. Ieu kajadian nandaan lahirna institusi paradilan munggaran jeung pamungkas di widang papajakan di Indonésia.
- 2007 - Iinditan Karéta api Argo Jati tujuan Cirebon - Jakarta Gambir diresmikeun.
- 2007 – Saurang pangebom maéhan manéh nembus ka Zona Héjo sarta ngajelegurkeun manéh di hiji kafetaria di jero gedong parlemén, nelasan PM Irak Mohammad Awad jeung nyideraan leuwih ti dua belas jalma.
- 2009 – Angkatan Laut AS nyalametkeun Kaptén Richard Phillips, nelasan tilu bajak laut urang Somalia jeung nawan saurang deui.
- 2013 – Dua bom maéhan manéh nelasan tilu soldadu Chad jeung nyideraan losinan lianna di hiji pasar di Kidal, Mali.
- 2014 – Kahuruan Tohaga di Valparaiso, Chili, ngaruksak kota éta, nelasan 16 jalma sarta ngungsikeun ampir kana 10.000 urangna, ogé ngancurkeun 2.000 imah.
- 2018 - Géopark Ciletuh sah diangken ku UNESCO.
- 2019 – Obat anyar ABT-450, nu boga rating 90-95% bisa nyageurkeun Hepatisis C, dibéwarakeun.
- 1942 – Jacob Zuma, présiden kaopat Afrika Kidul
- 1947 – Tom Clancy, sajarawan jeung pangarang Amérika (td. 2013)
- 1947 – David Letterman, komédian Amérika
- 1956 – Andy Garcia, aktor Amérika kalahiran Kuba
- 1971 – Shannen Doherty, artis Amérika (td. 2024)
- 1973 – Christian Panucci, pamaén bola Italia
- 1973 - Jefri Al Buchori, da'i Indonésia (td. 2013).
- 1989 – Risty Tagor, béntang sinetron Indonésia
- 1994 – Saoirse Ronan, artis Amérika kalahiran Irlandia
- 1994 – Oh Sehun, tukang ngawih Koréa Kidul (EXO)
- 238 – Gordian II, kaésar Romawi (l. 192)
- 1945 – Franklin D. Roosevelt, présidén AS ka-32 (l. 1882)
- 1989 – Sugar Ray Robinson, tukang tinju Amérika (l. 1921)
- Poé Internasional Pangapungan Jalma ka Luar Angkasa
![]() |
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |