4 Agustus - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
4 Agustus nyaéta poé ka-216 dina sataun (ka-217 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 149 poé.
- 1821 – Ékspédisi Antartika Rusia nu dipingpin ku Fabian Gottlieb von Bellingshausen mulang ka Kronshtadt sabada jadi rombongan munggaran nu hasil ngurilingan Antartika.
- 1824 – Patempuran Kos lumangsung antara Kasultanan Usmaniyah jeung tangtara Yunani.
- 1873 – Perang Indian: waktu keur ngajaga rombongan survéy jalan rél di Montana, Kavaleri ka-7 AS nu dipingpin ku Létkol George Armstrong Custer, patelak munggaran jeung Suku Sioux di deukeut Leuwi Tongue, masing-masing pihak kaleungitan hiji nyawa.
- 1914 - Perang Dunya I: Inggris ngawawarkeun perang ka Jérman, sedengkeun Amérika Sarikat ngedalkeun nétralitas éta nagara.
- 1916 - Amérika Sarikat meuli Kapuloan Virgin ti Dénmark regana 25 yuta dolar AS.
- 1949 - Kabinét Hatta I nu nganjrek di Yogyakarta lekasan mancén sarta diganti ku Kabinét Hatta II.
- 1983 - Kudéta nu dipilampah ku Blaise Compaoré ngabalukarkeun Thomas Sankara jadi Présidén Volta Hulu.
- 1995 – Operaesi Badéy dimimitian di Kroasia, tentara Kroasia nyerang wailaya nu dikawasa ku Républik Sérbia Krajina dna hiji patempuran darat pangtohagana ti saprak Perang Dunia II.
- 2011 - Kaulinan Cut the Rope: Experiments dirilis.
- 2020 – Hiji beledugan tohaga nu diangkeuh asalna tina gudang kembang api jeung paneundeunan amonium nitrat kajadian di palabuan Kota Béirut, Libanon. Saheunteuna 135 urang palastra sarta leuwih ti 5.000 urang tatu.
- 1821 – Louis Vuitton, pangusaha pakéan Perancis (td. 1892)
- 1900 – Ratu Elizabeth, ratu Inggris (td. 2002)
- 1930 – Ali al-Sistani, imam Iran
- 1940 - Abdurrahman Wahid, présidén Indonésia ka-4
- 1961 – Barack Obama, présidén AS ka-44
- 1974 – Kily González, pamaén bola Argéntina
- 1977 – Luís Boa Morte, pamaén bola Portugis
- 1981 – Meghan Markle, anggota kulawarga Karajaan Inggris
- 1985 – Crystal Bowersox, musisi Amérika
- 1992 – Dylan Sprouse, aktor Amérika
- 1992 – Cole Sprouse, aktor Amérika
- 1875 – Hans Christian Andersen, pangarang dongéng budak ti Dénmark (l. 1805)
- 2009 – Mbah Surip, tukang ngawih Indonésia (l. 1957).
![]() |
Artikel ngeunaan kalénder ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |