su.wikipedia.org

Manggu - Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

  • ️Sun Sep 13 2015

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Manggu (ᮙᮀᮌᮥ) (Garcinia mangostana L.) nyaéta sajenis tuwuhan ti wewengkon tropis anu dipercaya asalna ti Kapuloan Indonésia. Tangkalna tumuwuh nepi ka ngahontal 7 nepi ka 25 méter. Buahna, anu ogé disebut manggu, boga warna beureum semu wungu waktu asak, sanajan aya ogé wanda anu warna kulitna beureum. Buah manggu dina dunya jual beuli dipikawanoh minangka "ratu buah", minangka papasangan kadu, si "raja buah".

Manggu sadulur jeung asem kandis jeung asem galugur, samara asakan dina tradisi India jeung Sumatera.